Teu dikutang

on Selasa, 25 Desember 2012
Di kebon aya anak ucing keur ngorehan runtah. Sabot kitu jol sapi bikang nyamperkeun. Eta sapi bikang teh terus ngomong, maksudnamah hayang ngaheureuyan anak ucing.
" yeuh. anak ucing, dewek meh weleh teu ngarti, kunaon ari maneh leutik-leutik bet kumisan ?" ceuk sapi bikang nanya ka anak ucing bari nyerengeh seuri.
 " nya leuheung keneh kuring mah, leutik-leutik geus kumisan. Ari di dinya marukan teu aneh ?" tembal anak ucing.
" nya naon kaanehan kuring ?"
"Didinya mah apanan gede-gede, ari susu rayud teu dikutangan !"
Bep weh sapi bikang teu bisa ngomong deui, tayohna ngarasa di-KO ku anak ucing

0 komentar:

Posting Komentar

Saya berharap para pembaca untuk memberikan kritik,saran dan masukannya.

yudha trenggana. Diberdayakan oleh Blogger.